Study

BASA SUNDA KELAS 9

  •   0%
  •  0     0     0

  • Babasan pikeun jalma anu koret atawa pedit nyaeta....
    Buntut kasiran
  • Paribasa "Hade tata hade basa" artina....
    Tingkah laku jeung omonganna hade/alus
  • Aya hiji murid anu awalna hésé diajar matematika, tapi anjeunna terus usaha, teu nyerah, jeung rajin latihan unggal poé. Tungtungna anjeunna bisa leuwih pinter tibatan saméméhna. Paribasa naon anu cocog ?
    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
  • pakeman basa disebut oge....
    idiom
  • Dipakean baju kukumaha ge mantes. babasan anu merenah nyaeta....
    awak sampayan
  • "Bapa ka warung meuli aqua" mangrupakeun majas....
    metonimia
  • Mun aya nanaon teh kudu ngomong ka kolot, sabab sagala rupa oge....
    hade ku omong, goreng ku omong
  • Babasan pikeun jalma anu gampang neunggeul batur nyaeta....
    Hampang leungeun
  • Jawa Barat juara basket tingkat nasional
    Totem Proparte
  • "Doraka" dina KIRATA basa sunda kapanjanganna.....
    Digedor dina naraka
  • Neng Sari mah pararntes geus geulis teh, someah, ramah. Babasan anu tepat nyaeta....
    Amis budi
  • Paribasa "Abong letah teu tulangan" hartina...
    Sagala diomongkeun teu paduli pikanyerieun hate tawa henteu
  • Rumaos abdi mah jalma bodo, teu terang nanaon
    Litotes
  • Terekel manehna naek ka luhur
    Pleonasme
  • Kuring mah lain rek mapatahan ngojay ka....
    meri
  • Babasan naon anu mindeng dipaké pikeun jalma anu boga kabiasaan nyokot barang batur tanpa idin atawa aya waték maling?
    PANJANG LEUNGEUN
  • Mangga diantos linggih ka saung butut
    Litotes
  • Ditungguan nepi ka jam tujuh, budak teh teu katempo tarang-tarangna acan
    Pars Prototo
  • Panonna bolotot sagede bola pingpong
    Hiperbola
  • ih kunaon ari dadan, ti tadi teu daek cicing. Babasan anu merenah nyaeta....
    Bujur aseupan
  • "Adat ka kurung ku iga" hartina....
    Kabiasaan goreng anu hese dirobahna
  • Dina basa Sunda aya nu ngaranna KIRATA nyaeta singgetan tina dikira-kira sangkan nyata. contohna ISLAM, comro jeung misro. naon kapanjangan comro jeung misro?
    Isa Subuh Lohor Asar Magrib, oncom di jero, amis dijero
  • Babasan anu ngandung harti sombong tawa adigung nyaeta....
    gede hulu
  • Jalma eta mah sok papaling barang batur. Babasan anu merenah nyaeta....
    Panjang leungeun
  • Sanggeus Udin beres ngalas sangu jeung deungeunna, .... dahar. Kecap panganteur anu merenah nyaeta...
    am
  • Indonesia jadi juara All England taun 2017
    Totem Proparte
  • ..... peureum. Kecap panganteur anu merenah nyaeta.....
    reup
  • Angin ngaharewos kana ceuli
    Personifikasi
  • Awakna ngajungkiring sagede gajah
    hiperbola
  • Bajuna ngait kana paku,......soek
    berewek
  • Basa ngaranna disebut, manehna maju ka hareup
    pleonasme
  • Gunung-gunung bangun bingung
    personifikasi