Hayang teuing kuéh bugis, Teu bisa ngasakanana. Hayang teuing ka nu geulis, Teu bisa ngakalanana. Sisindiran di luhur kaasup kana wangun sisindiran ….
Rarakitan
Salasahiji aturan sisindiran nyaéta Padeukeutna sora vokal di tungtung padalisan
Purwakanti
Sisindiran anu papak/midoan kawit (sarua) sora kecap nu hareup-tukangna, salasahiji ciri sisindiran jenis….
Rarakitan
Sisindiran téh nyaéta karya sastra wangun puisi nu diwangun ku ...
Cangkang jeung Eusi
Sisindiran di luhur mangrupa sisindiran nu sipatna….
Silihasih
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...
Paparikan
Teu puguh monyét hideungna, Teu puguh tungtungna. ..wangsalna
Lutung
Lengkepan sisindiran ieu di handap. Kamari ka Pasirpogor, Ayeuna mah Sukasari. Kamari mah sentak-sengor .......
Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu....Wangsalna nyaéta....
Salak
26. Dumasar kana wangun/ strukturna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nya éta ....
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Batur mah jalan ka Dago, abdi mah rék ka Jatayu. Batur mah mareunang jodo, abdi mah teu payu-payu. Disawang tina wangun jeung sipatna, sisindiran di luhur kaasup kana ...
Rarakitan silih asih
Anu ngabédakeun rarakitan jeung wawangsalan nyaéta ...
Jumlah padalisanna béda
Daun kelor daun ganas, Kuciat jeung pacar keling. Hutang motor tacan lunas, Sakilat aya nu maling. Sisindiran di luhur mangrupa sisindiran nu sipatna….
Sésébréd
32. Sisindiran anu biasana diwangun ku dua padalisan jeung mangrupa tatarucingan nyaéta….
wawangsalan
Dumasar kana sipat/ eusinana, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nya éta ....
Piwuruk, sésébréd, silihasih
Beulit cingir simpay réma Ulah lali ka sim abdi Wangsalna nyaéta ...
Ali
Ramo deukeut indung leungeun Sing tumut kana piwuruk Wangsalna nyaéta....
Curuk
Aya meri dina rakit, Boboko wadah bakatul. Lain nyeri ku panyakit, Kabogoh direbut batur. kaasup sisindiran dina wangun.....
Paparikan
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran. Wangsalna nyaeta.....
Jeruk
Sisindiran asal kecapna tina . . .
Sindir
Sisindiran anu eusina patatah nyaéta sisindiran nu sipatna….
Piwuruk
Your experience on this site will be improved by allowing cookies.