Study

Wawacan

  •   0%
  •  0     0     0

  • Bangku-bangku naon anu bisa didahar?
    Bangkuang
  • Monyét naék kana tangkal, tinggal naonna?
    Turunna
  • Bisa turun, teu bisa naik?
    Hujan
  • Petina hiji, mayitna loba
    Korek api
  • Sapi naon nu bisa ngarayap dina témbok?
    Sapidermén
  • Di tengah sawah aya naon?
    Hurup W
  • Naon anu sok dicekék beuheungna, jeung dikéleték beuteungna?
    Gitar
  • Kasur dibalik jadi naon?
    Rusak
  • Sapi-sapi naon anu bau?
    Sapiténg
  • Dicabak aya, dilieuk eweuh?
    Ceuli
  • Botak maké tato?
    Endog asin
  • Sapi naon anu bisa nulis?
    Sapidol
  • Panjang, bijian, buluan naon éta?
    Jagong