Study

BABAD SUNDA

  •   0%
  •  0     0     0

  • maksud tangkal hanjuang tina Babad Sumedang nyaeta....
    upama tangkal hanjuang hirup keneh tandaning Ki Sayang Hawu masih hirup dina peperangan, kitu oge sabalikna.
  • Sebutkeun pantarangan/ larangan upama uramng rek ka kabuyutan dayeuh luhur
    ulah make batik motif Jawa atawa motif Cirebon.
  • Kecap babad asalna tina bahasa Jawa nu hartina …
    muka lahan anyar
  • Bener atawa salah yen babad teh kaasup jenis dongeng
    Bener
  • kuring meunang béja yén Aki téh perlaya di peperangan,”. Kecap perlaya bisa diganti ku kecap séjénna, nyaéta….
    Maot
  • bener atawa salah nu ngawasa wewengkon limbangan nu mangrupa putra ti nyi putri nyaeta Prabu Liman Sanjaya
    Salah
  • Ratu Harisbaya saacanna mangrupa istri raja ti karajaan.......
    Karajaan Cirebon
  • Babad dina wangun puisi nyaeta....
    Wawacan
  • inti carita tina babad Sumedang "Hanjuang Beureum di Kutamaya" nyaeta....
    Kakuciwaan Ki Sayang Hawu ka prabu Geusan Ulun
  • saha raja ti karajaan sumedanglarang nu meunang gelar nalendra ti karajaan padjajaran?
    Prabu geusan Ulun
  • Kulantaran geus sagala beak , Raden Arya Kemuning Ngabedahkeunh situ nungaranan....
    Situ Lengkong
  • Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi walungan Cipancar. Sempalan carita di luhur téh bagian tina carita babad ...
    Babad Limbangan
  • Tempat Ki Haruman manggihan Putri Limbangan anu keur mandi katelah ku.....
    Gunung Haruman Seungit
  • harti/makna tina panjalu nyaeta...
    jagoan, jawara, pendekar,
  • “Kéan santang téh putra prabu siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.” Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun....
    Prosa/ lancaran
  • Prabu borosngora nyerahkeun karajaan Panjalu ka......
    Raden Arya Kemuning
  • Prabu Borosngora kagungan putra dua nyaéta Radén Aria Kuning jeung Radén Aria Kancana. Ieu rayi-raka téh silih pikanyaah, silih tulungan jeung silih élédan. Sempalan carita téh medar bagian unsur ngeunaan ...
    Tokoh jeung watek
  • Naon nu di sebut babad?
    Carita atawa dongéng nu ngandung unsur sajarah
  • puseur dayeuh karajaan sumedanglarang dipindahkeun ti kutamaya ka.......
    Dayeuh Luhur
  • kawitna aya alasan nu ngalantarankeun nyi putri nolak lamaran prabu siliwangi, nyaeta...
    Prabu Siliwangi geus ngabogaan pamajikan leuwih ti 100.
  • Struktur carita babad ngawengku...
    Manggalasastra, konflik, klimaks, antiklimaks, pungkasan/panutup