Study

Dongeng

  •   0%
  •  0     0     0

  • ieu dongeng anu aya dina gambar kaasup kana jenis dongeng.........
    Farabel
  • Dina dongeng Sangkuriang jadi naon parahu nu ditajong ( ditendang ) ku Sangkuriang nepi ka nangkub teh?
    Gunung Tangkuban Parahu
  • Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...
    Lisan
  • Minangka carita, dongeng teh ngandung unsur...
    tema, palaku, latar, galur, amanat
  • Dongeng si Kabayan meh sarua dongengna jeung dongeng anu asalna ti Timur Tengah nyaeta dongeng
    Abu Nawas
  • Salahsahijisipat dongeng teh anu dipikaresepeun ku masarakat. Lian ti ngandung nasehat anu hade oge jadi......nalika keur rineh
    Hiburan
  • Palaku dina dongéng teu béda jeung prosa lian, ngabogaan watek nu medar jalanna carita beuki ramé.Dina dongéng Situbagendit, nyi endit kaasup palaku nu …
    Antagonis
  • Tokoh dongeng anu disebut-sebut asli Sunda nya eta...
    Si Kabayan
  • Saperti halna carita prosa séjén, dongéng ogé katitén ngabogaan hiji carita nu teu leupas tina unsurna sorangan.Di handap ieu mangrupa unsur intrinsik dongéng nu eusina medar pesen nu baris ditepikeun …
    Amanat
  • Sasakala anu asalna ti Kabupaten Garut, nya eta...
    Sasakala Situbagendit
  • Di handap ieu mangrupa wangenan dongéng, nya éta Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Eta ungkara teh bener atawa salah!
    Salah
  • Eusi dina carita dongéng béda pisan wincikanna unggal jenis/papasinganna, kabukti ku guluyurna carita.Gagasan poko atawa jejer dina carita anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan hiji carita, mangrupa wangenan tina …
    tema/jejer
  • Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...
    Anonim
  • sebutkeun salahsahiji hal pamohalan anu aya dina dongeng situbagendit.......
    kaluar cai dina iteuk anu ditancebkeun dina taneuh nepika banjir bandang
  • Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …
    Fabel
  • Dongeng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat basisir kidul kaasup kana jenis dongeng . . . .
    mite/mitos
  • Dina hiji carita dongéng réa nu medar kabaheulaan, kabukti yén sakapeung mah sok ditandaan ku kecap baheula. Salasahiji dongéng anu nyaritakeun lalampahan jalma anu dianggap karuhun atawa pahlawan saperti dongéng Kéan Santang, nya éta …
    Sage/Babad
  • Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .
    Galur
  • Dongeng anu nyaritakeun asal muasalna hiji tempat, kajadian, tutuwuhan jeung sasatoan kaasup kana dongeng....
    sasakala/legenda
  • Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
    Bagian carita anu teu kaharti ku akal/ henteu logis