Study

Wawangsalan Kelompok 2

  •   0%
  •  0     0     0

  • Dina huntu warna warni. Ka sakola mawa bekel
    Behel
  • Tudung kanggo nutup orat. ka sumedang moro kebab
    Jilbab
  • Baso tahu ditipungan. Jadi budak teh tong bangor
    Batagor
  • Dipapake dina suku. ayang pok tapi teu kedal
    Sendal
  • Ruas awi dirorekan. Pikir asa selang seling
    Suling
  • Lauk ngarojay di cai. Baju udin dibolongan
    Balong
  • Korsi kai didiukan. Salma teu bisa ngajedog
    Jojodog
  • Kota anu usum hujan. Jadi jalma ulah bangor
    Bogor
  • Hayu urang meuli minyak. Meulina di tukang pupur
    Dapur
  • Beureum kotak Dina hp. Dahar cau Jeung mang ube
    Youtube
  • Araripis warna koneng. Ngungkeb Hayam Dina Hau
    Kiripik cau
  • Beas Ditutuan Deui. Iraha Atuh Patepung
    Tipung
  • Wadah nginum anu panjang . Ka sakola teh sing getol
    Botol
  • tutut gunung keong reuma. sumangga geura gek calik
    Tenggek
  • Kapuk hipu warna bodas. Lengen tiis osok baal
    Bantal
  • Dilapis ku rumput laut. Jelma na di wonogiri
    Onigiri
  • Teu beunang dihurang sawah. Teu beunang dipikameumeut
    Simeut
  • Kanggo pameget netepan. Mésérna sanés ti warung
    Sarung
  • Dipake na dina sirah. Urang ngobrol bari ngopi
    Topi
  • Jampe jampe duh anaking. Kahade bising ti belat
    Solat